EcoBALL

30/04/12

PANCAKAKI

|

PANCAKAKI (TURUNAN ATAWA SADULUR)
 
Pancakaki teh nyaeta perenahan jelema ka jelema deui anu sakulawarga atawa anu ka asup baraya keneh.
a. Rundayan atawa Turunan
- Anak : turunan kahiji
- Incu : turunan kadua, anakna anak
- Buyut : anak incu
- Bao : anakna buyut
- Janggawareng atawa canggahwareng : anakna Bao
- Kait Siwur : anakna janggawareng
- Ka handapna sekeseler

b. Ka Luhur
- Bapa : lalaki nu boga anak, salaki indung
- Indung : awewe nu boga anak, pamajikan bapa
- Aki : bapana indung atawa bapa
- Nini : indungna indung atawa bapa
- Buyut : indung/bapana aki atawa nini
- Bao : indung/bapana buyut
- Janggawareng : indung/bapana bao
- Kait Siwur : indung/bapana janggawareng

c. Ka Gigir
- Adi : dulur sahandapeun
- Lanceuk : dulur saluhureun
- Emang/Paman : adina bapa atawa indung (lalaki)
- Bibi : awewe adina bapa atawa indung
- Ua/Toa : lanceuk bapa atawa indung
- Alo : anak lanceuk
- Suan: anak adi
- Kapiadi : anakna emang/bibi
- Kapilanceuk : anakna ua
- Incu ti gigir : incuna adi
- Aki ti gigir : lalaki, adina atawa lanceukna aki/nini
- Nini ti gigir : awewe adina atawa lanceukna aki/nini
- Ua ti gigir : anakna lanceuk aki/nini
- Emang ti gigir : anakna adi aki/nini (lalaki)
- Bibi ti gigir : anakna adi aki/nini (awewe)

d. Istilah sejenna
- Adi beuteung : adina pamajikan/salaki
- Dulur sabrayna : dulur misan, anak paman, bibi atawa ua
- Dulur teges : dulur enya, saindung sabapa
- Indung Tere/kawalon : pamajikan bapa, lain anu ngalahirkeun urang
- Bapa Tere/Kawalon : salaki indung lain anu ngalantarankeun urang lahir
- Anak tere : anak sampakan ti salaki atawa Pamajikan
- Dulur pateterean : anak indung atawa anak bapa tere
- Cikal : anak panggedena- Pangais bungsu : lanceukna nu bungsu
- Bungsu : anak pangleutikna
- Baraya laer : baraya nu nurutkeun pancakaki geus jauh perenahna
- Teu Hir teu Walahir : teu baraya saeutik-eutik acan
- Bau-bau Sinduk : baraya keneh sanajan geus laer
- Dulur pet ku hinis : dulur teges
- Baraya : sakur nu aya pancakakina
- Karuhun : luluhur, jalma-jalma anu kungsi lila heulaeun urang nu ngarundaykeun urang

Sumber : Giwangkara Kaca 5 no. 2894 Taun Ka – 39 Bulan Maret 2012,
Ku Sunta Atmaja

PANCAKAKISocialTwist Tell-a-Friend

0 komentar:

Posting Komentar