12/05/12

Paribasa Sunda

|

Cara badak cihea = kawas badak cihea, lamun paamprok di jalan tara patanya alias hare hare
Cara bueuk meunang mabuk = kawas bueuk meunang mabuk, ngeluk teu lemek teu carek, euweuh hojah, euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
Cara cai dina daun bolang = piwuruk anu teu di turut jadi taya mangfaatna
Cara embe = tara mandi sabab sieun kucai
Cara gaang katincak =  tadina rame,ayeuna jadi jempling
Cara hurang, tai ka hulu-hulu = Bodo kacida
Cara jogjog mondok = garandeng naker,teu bisa jempe
Cara merak = resep nuang lada
Cara simeut hiris, tai kana beuheung-beuheung = bodo kacida nepika sok beunang ka tipu atawa ka bobodo batur
Carang takol = teu loba ngomong
Careham hayameun = tereh pisan lapar alias peujit kuraesin
Caringcing pageuh kancing, saringset pageuh iket = waspada,nutup panto sing rapet siap bisi aya bahaya anu ngancam
Ceplak pahang = ngomong terus sok sanajan matak nyeri hate ka batur
Ceuli lentaheun = sok sadenge dengena sanajan anu teu mangfaat
Cicing dina sihung maung = ngabdi atawa cicing jeung jelema anu di pikasieun anu maksudna hayang milu di ajenan batur sok sanajan tungtungna sok nyusahkeun awak sorangan
Ciduh jeung reuhak = sarua goreng sifat jeung tabiatna
Cikal bungang = perlaya dina peperangan(paeh pangheulana biasana dina peperangan)
Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok = lamun rajin jeung sabar,naon wae halangan/pambengan gampang ka liwatana
Cilaka dua belas = cilaka pisan
Cindul teureupeun = bareuh sisi panon atawa turuwisen
Ciri sabumi cara sadesa = beda tempat beda oge adat jeung kabiasaanna
Clik putih clak herang = Ikhlas kaluar dina hate anu beresih
Congo-congo ku amis, mun rek amis (o)ge puhuna = Anakna jalma teu baleg lantaran kolotna sarua jalma teu baleg oge
Copong pikir = garenah hate,teu loba pipikiran
Cruk-crek = gunta ganti pamajikan
Cucuk panon = teu adil lamun keur babagi
Cucuk rungkang = perkara anu leutik,teu sabaraha..tapi lamun di antep pimatakeun/bisa jadi masalah anu gede
Cueut ka hareup = geus kolot deukeut ka ajal
Cukang tara neangan nu ngising = Jalma anu hayang di tulungan kudu neang anu rek nulung lain sabalikna
Cukup belengur = resep barang bere ka batur tapi tara malire ka awak sorangan
Cul dogdog tinggal igel = ninggalkeun pagawean anu utama tuluy migawe anu euweuh mangfaat sarta teu puguh hasilna
Cunduk waktu ninggang mangsa = tos dugi kana waktosna,geus waktuna
Daek macok embung di pacok = hayangna di bere wungkul tapi embung mere
Dagang oncom rancatan emas = Ari modal gede tapi untung teu sabaraha
Dagang peda ka cirebon - dagang pindang ka Cirebon = teu payu dadagangana lantaran nawarkeun ka tempat anu loba ngajieuna
Dah bawang dah kapas - dah kapas dah bawang = jual beuli kontan
Dahar kawas meri = dahar teu tartib,ngaremeh di mamana
Daharna sakeser daun= sesebutan keur budak anu keur beuki dahar,
Daluang katinggang mangsi = sugan aya jodona
Darma wawayangan bae = ukur ngalakonan sabab sagala rupi tos aya nu ngaturna
Datang katingali tarang, undur katingali punduk = henteu indit kitu wae,pamitan saperti kumaha waktu keur datang
Dedenge tara = ngadadangukeun,ngaregepkeun tapi teu ngarti ngarti
Dengdek topi = teu adil,beurat sabeulah
Deugdeug tanjeuran = Loba anu hayang lalajo kusabab ahli/lihey maenkeun alat kasenian contona kacapi..( leuh ..kang Iing boa )
Deukeut bau tai, jauh seungit kembang = lamun deukeut jeung dulur sok loba pasea tapi lamun jauh sok jadi sono
Deukeut deuleu pondok lengkah = Kurang elmu kurang laluasa indit inditan
Deukeut-deukeut anak taleus = Sok sanajan deukeut tapi teu apal yen eta teh baraya/dulur
Deungeun haseum = teu aya hubungan duduluran/baraya
Diadukumbangkeun = jalama atawa sato di cepeng pundukna tuluy di adukeun sataker tanaga
Dianakterekeun = di hare harekeun
Diangeuncareuhkeun = di antepkeun teu di dahar
Dibabuk lalay = di teunggeulan teu eureun eureun
Dibejerbeaskeun = di jelaskeun sajelas jelasna
Dibere sabuku menta sajeungkal, dibere sajeungkal menta sadeupa = dibere tuluy menta leuwih..di bere hate menta jantung
Dibeuleum seuseur = di rurusuh ngarah gancang anggeus
Dibilang peuteuy = di itung hiji hiji
Didago-dago tilewo = di tungguan/di arep arep tepi teu datang
Didagoan ku seeng nyengsreng = ripuh/di udag udag ku kabutuhan sapopoe
Diguley ku taina = duitna nambahan loba lain ku di tambah modalna tapi nambah kauntungana
Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala hal anu karandapan ayeuna saestuna tos di garis keun Ku Pangeran
Dihurunsuluhkeun = Di saruakeun jeung jalma anu loba dosa/boga dosa
Dijieun hulu teu nyanggut, dijieun buntut teu ngepot = hese di ajak bebeneran
Dijieun lalab rumbah = Teu di hargaan/teu di anggap
Dikeprak reumis = Di titah loba barang gawe anu beurat
Dikepung wakul buaya mangap = di kepung musuh anu lengkep pakarangna
Dikerid peuti = Di ringkid saeusi imah/saeusi kampung
Dikompetdaunkeun = di saruakeun
Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban = Pamajikan anu di antep ku salakina di pirak henteu di nafkahan henteu
Dipake cocok conggang = teu dipalire,di hare harekeun
Dipiamis buah gintung = di sangak bageur padahal jahat/goreng hate
Dipisudi mere budi = Dihukum tapi malah bermuka masam.
Disiksik dikunyit-kunyit, dicacag diwalang-walang = Di hukum sabeuratna/di hukum pati
Disuhun dina embun-embunan = Di tarima/di tampi dugi ka bungah pisan
Disusul tepus = di susul / tuluy di teang nepi ka panggih
Ditangtang-ditengteng, dijieun bonteng sapasi = di pikanyaah/di ogo
Ditegalambakeun = Teu di piara/di kalantarkeun
Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang, diteuteup ti hareup sieup = Jangkung alit tur geulis
Ditiung geus hujan = Waspaos saangeus kajadian/kacilakaan
Diwayangkeun = Sok loba di caritakeun kahadean jeung kagorengana ka loba jelema
Dogdog pangrewong = Babantu dari pada hanteu atawa ngilu nimbrung ngomong saluaran anu geus di jadwalkeun
Dogong-dogong tulak cau, geus gede dituar batur = Nyirian/Ngarep ngarep awewe ti leuleutik geus gede di kawin batur
Dosa salaput hulu = Loba dosa
Dukun lintuh kasakit matuh = Geus loba duit anu di kaluarkeun pikeun mayar dukun tapi panyakit teu daek cageur
Dulang tinande = Awewe anu nurut,sakumaha anu di parentah ku salakina
Dulur pet ku hinis = Dulur sa indung sa bapa
Duum tinggi = babagi teu walatra,aya anu loba aya anu saeutik
Eleh deet = Sanajan teu pas kana hate tapi tetep satuju kulantaran karunya atawa sieun
Elmu ajug = Mamatahan ka batur mah bisa,tapi manehna teu ngajalankeun
Elmu angklung = Teu sopan/teu sopan ka kolot
Elmu sapi = Ngariung dina kagorengan
Paribasa SundaSocialTwist Tell-a-Friend

2 komentar:

  1. banyak banget ya..., salam kenal.. salam ukhuwah yaa.. *smile

    BalasHapus
  2. sebetulnya masih banyak lg... :) salam kenal juga... :)

    BalasHapus