EcoBALL

30/04/12

INDUNG NU TUNGGARA

|

Di dieu di buana Sunda
Nu Kasebut ngaran indung
Tunggul rahayu nu seungit ngalun-ngalun
Indung nu jadi wakil hirup tinu boga hirup

Anjeun anu ngandung
Anjeun anu beunghar
Panyicingan pangancikan
Pakemitan pangbalikan

Ratu indung
Indung agung
Ngaing anak anjeun
Maranehna oge anak anjeun
Maranehna nyarebut ngaran indung
tapi maranehna teu ngaraku
Maranehna munjung ka indung
Tapi maranehna naringgalkeun

Cai nu jadi getih
Taneuh nu jadi daging
Hawa nu jadi napas
Seuneu nu jadi kahayang

Naon salah indung
Naon dosa indung
Anjeun henteu salah
Anjeun hanteu dosa

Maranehna nu doraka
Maranehna campelak
Geus paroho purwa daksi
Naringagalkeun purbatisti

Kiwari anjeun Tunggara
Buana Sunda raweuy cimata
Ayeuna indung katalangsara
Taneuh Sunda reumbay citangtis
INDUNG NU TUNGGARASocialTwist Tell-a-Friend

0 komentar:

Posting Komentar