EcoBALL

21/06/12

PEUPEUJEUH

|

Peupeujeuh Sunda
Anaking..Benerkeun hidep tina wanci ka wanci, jaga hate hidep tina mangpirang-pirang nu teu munasabah, jeung terus titenan sakabeh kajadian, rehing pangalaman mangrupakeun guru utama nu baris ngajadikeun hideup hiji jalmi nu kiat. Tancebkeun kasobaran dina jeroning ati hidep sabab eta mangrupakeun kakuatan nu teu bisa diitung ku harga, cukcruk tuluy ngarah kaasah pangaweruh tur nambahan pangabisa

Anaking...Kudu reueus hidep ngajadi diri sorangan! yen yaktos hidep sakabeh bakal bisa ngahontal mangsa kahareup, turta geus kawaris kasumangetan hirup. Deudeul teras kapercayaan diri hidep, estu jaga bakal pinanggih jeung kabagjaan hirup, jaga jeung raksa amarah hideup sabab eta bakal ngabalukarkeun kaduhung teu mangih tungtung, anggerkeun hideup depe-depe (handap asor) kapapada jalma, tur raksa kalayan riksa rengkah paripolah nu teu merenah..
Anaking,…..Singlarkeun sakabehing rerembet hirup nu jadi hahalang nu ngahalangan kakuatan ati fikir lan raga, Jieun ugeran pikeun rengkah paripolah jeung ucap lampah. Pohokeun sakabeh nu mikaceceb ngarah jauh tina rasa panas barannan, hiri dengki, jailkaniaya ka sasama nu baris ngabalukarkeun leungit na beubeuneuran. Pengkuhkeun hideup sing panceg.
Anaking….Jadikeun kabeh sakuliling bungking, ngarasakeun diajenan ngarah manah hideup tingtrim tur salawasna tangung jawab kana rengkah paripolah. Tengetkeun yen hirup teh ngarupakeun jalan nu tarahal kagurat ku tangara durma poma ulah sungkan mitapak rerembetna tigas kulah lampah anu hade.

Anaking,… jimat awaking. Heunteu gampang nalika nyorang jalan kahirupan, jeung moal salawasna cicing dinu datar, tinangtu bakal pinanggih wanci mudun jeung tanjakan, kudu sabar hidep nalika kurang tur omat ulah nepak dada benghar, adigung adiguna, asa aing uyah kidul, agul kupayung butut!! Omat hidep bisi kupur, kudu eling kanu Maha-Gafur, nyembah kanu maha kawasa, turut kana papagon agama nyumponan parentahna ngajauhan larangan nana, Tah iyeu anaking pepeling keur diri papatah keur awak, badan sakujur inggis laku lampah nincak salah.

Omat…….Anaking iyeu peupeujeuh keur hideup

Anaking jimat awaking...Dina unggal renghapan nu jadi indung bapa kaluar du'a anu mustajab pikeun anak-anakna ngarah hirup pinanggih jeung kabagjaan, kajembaran pikeun pibeukeuleun dina engoning ngambah sagara kahirupan di alam dunya. Omat anaking hideup kudu silih asah, silih asih, silih asuh, silih ajenan, silihtalingakeun  diri, silih simbeuhan kadeudeuh. Deheuskeun duduluran, raketkeun babarayaan, ulah rek pakia-kia ulah rek pasalia paham hamo nepi ka kukucrutan .

Omat ………Anaking iyeu pepeling
PEUPEUJEUHSocialTwist Tell-a-Friend

0 komentar:

Posting Komentar